Selasa, 30 Maret 2010

" EMUT KANA RAGA ANJEUNA "

“ EMUTAN KANA RAGA ANJEUNA “


Dina jeumplingna weungi ngaherang neuteup maheut kana lalangit kabayang tantungan nu di pimeulang nu lawas nu aya di kajauhan.. teu mirosea imut manis ngagupay kana lamunan
Ngagembleng cipanon hate ngolembar marengan geterna hate asih nu manteng dina keumbang rasa, teu daya teu wasa nyindem gundem boa urang bakal peugat simpay cukang awi pameuntasan geus ngabeuntang pikeun pangliwatan urang nu bakal pisah di pengkolan


“ MEGA CAHAYA KABAGJAAN “


Dina tungtung reret mega ayang-ayangan
Tan pangreureuhan mageuhan lalampahan sareung paripolah
Kabagajaan …
Dina tungtung kiceup,mega langlayeuseun
kapan halodo nyontangan tempo
ngagedurkeun sono muntangan hujan
Dina tungtung teuteup ,mega pinuh ku
cimata; maseuhan rasa nu raca kana raga .
Dina hate teu weuleh inget nyaksian kana diri
Mungguhing aya cinta nu datang kana raga jeung jiwa
Masehan kana qalbu hate..


“ EMUTAN KEUR KA ASIH CINTA “


Di unggal dinteun anjeun nu sok aya dina pikiran kaula
di unggal nyangreb nincak ka peuting anjeun nu keukeuh neutep dina pikiran kaula terus terusan nembongan dinu pikiran dina laku lampah sapopoe..
Nu rasa bogoh ka anjeun anu teu ka kira ageungna
anjeun anu paling geulis teu aya bandingan nana
anu nyiraman ka geulisan setiap waktuna

anjeun nu nambihan kasenangan kaula dina unggal dinteun sapoe poe kaula..
kaula di bewarakeun di saksian ku langit jeung eusina
Gunung sareung walungan raga jeung pati anjeun nu di pibogoh ku kaula moala aya rasa deui nyeri anu neutep kana manah
Moal aya deui nyeri hate an uterus terusan neutep ..
Kembang jeulita anu karek meukar nu nyengitan lautan kasih jiwa
karaba seuri anjeun anu neutep dina lamunan
anu geulis sami sareung keumbang anu kacida endahna
raga anu ngageuleteur terus terusan unggal nyebut nami anjeun
hirup maotna kaula keur anjeun salawasna geulis…




“ TEPANG MUNGGARAN NU JANTEUN EMUTAN “


urang tepang munggaran
barang amprok pada lalagasan
nunda rasa geter hate teu katahan, katresna
bareung amprok jeung anjeuna
rasa mika welas mika asih mika cinta jugjug aya
lir ibarat ca`ang bulan opat welas
bagja bahagia taya bandingan nana paamprok sareung anjeuna
nya`angan poek nu ngadalingding lir weungi anu seupi ....
ngahudang rasa katresna ka panutan anjeuna
teuwalakaya nyimpen rusiah dina hate nu ujug ujug datang nu janteun ka bingung kana pikiran… .. !
dina pikiran terus terusan katresna nu nembongan… ?
katresna anu ngalangkang kanu pikiran
duh mungguhing Gusti Nu Anggung,
pasihan abdi jalan kangge caket ka anjeuna nu neumbe teras terasan nembongan dina emutan ....
katresna nu nembongan,.........
kanyaah nu marengan,.........
nu dongkap teu di ondang
nya`angan kaendahan hate kabagjaan jiwa
mapaesan taman hate niisan jeurona qalbu
duriat nu teu weleh minggat
rasa nu teu weleh ngariksa
kanyaah salira kangge anjeuna,...
katresna salira kangge badanna,....
ngahudang sarebu rasa dina duriat sareng rasa !
hate nu teu weleh keueung sieun teu kaanjangan teu ka dongkapan ku anjeuna kana qalbuna jiwa
poek nu ngadalingding dina renungan pikiran salawasna
sieun,... sieun terus terusan kabayang bayang dina emutan salawasna teuras teurasan…
mayunan hate sorangan anu was was bingung teu puguh tungtung
mung kieu buktosna,...kieu ayana
sono pami teu tepang sareng anjeuna

kasono nu taya saatna dina hate sareng pikiran nu masih ngalayang ngmbang nambahan karingrang …
kanya`ah nu bersih .. satia jadi kakasih salawasna
pameunteu marahmay manis ngadalingding sengit
hanjakal lamun endah ngan ukur kalangkang dina pikiran sareung bayangan dina lamunan
ngaraos re`eus
najan batin patebih, najan urang pa anggang
Hate teu weleh ingeut bae ka dirina saterusna
hoyong patepang pasimpay panangan paneutep raray sareung anjeuna di talaga kabahagiaan ..
hoyong patepung lawung pa amprok jodo
naimplengan iraha bakal kasorang kangeun manteung ka salira terus terusan unggal waktos ..
kadeudeuh tilam katresna mung hiji kanggo salira
rasa nya`ah rasa katresna kanggo salira
rasa asih rasa heman kanggo salira
naon lepat na naon dosana.. ?
mun rasa nyipangkeun katresna mika asih kasalira salawasna
kapan cinta kedah anteung jeung asihna
kapan asihh kedah tringtrim sumadinngna
sedeung rasa rumasa manteung deudeuhna demi kasatiaan salawasna sapanjang yuswa
janteun pageuh pamadegan dugi ka ahir hayat
nepikeun bungkusan kalbu mustika asmara
dania saenyana mika asih mika nyaah mika heman kasalira ..
Duh naon lepatna lamun hate mikanya`ah
Duh naon dosana lamun hate mika asih salira
Duh kapalang deudeuh ieu hate tos mika heman
duh kapalang cinta ieu hate pikeun kadirina
najan kudu nandangan tunggara rek satia moal rek sulaya ka dirina.. cinta moal rek kadungsang dungsang, cinta nu pasrah jiwa jeung raga kangge anjeuna sateurasna
moal welas kumawelang, cinta lahir tumekaning disarengan sareung bathin
sumanding asih nu tingtrim kangge anjeuna salawasna dugi ka ahir urang peugatna ku nyawa…
naon deui ieu nuhadir dina kalbu
panghudang rasa,....... minuhan sagara hate
jajantung ratug sur ser tutunggulan, singhoreng salira panutan nata kata,..niti ati janten sakalimat puisi
asih salira nu teu acan kedal kana janji !!
galindeng salira nu diantos dina waktosna !
waktosna kedal lisan,...

nyumponan harapan diri ,...
asih salira,...
kanyaah salira,....
duriat salira,
ku abdi diantos
Aya rasa dina diri abdi
sumarambah dina bayah kanyaah
sumoreang nugencang pikiran seueur kamelang
emut kapanutan nuaya ti pangumbaraan...

duh panutan .......
salira bet kumolebat bae dina pikiran
ieu hate teu pararuguh
bet hayang sasarengan bae..
junjunan iraha atuh ngajadi..
mun karep nyaah diri ....
ku kahayang dina sawangan
babarengan silih lendean
dina rasa dina dada aya manehna
duh junjunan kalbu mungguhing pangusik hate ......

bebende mepende hate
beubeureuh anu geus maneuh
rasa diri hamo lanca-linci
hamo incah balilahan ti salira
Duh ... junjunan ati ...
rasa diri karep beh dieu
diri bet ku kanjonjonan

lamunan kumalayang dina sawangan
kumalayang dina implengan
hete ceurik lamun ras kadiri
sumawona rumaos lamokot ku dosa
inggis Gusti teu ngahampura
duh Gusti bukakeun panto tobat ....
hate ceurik balilihan
inggis Gusti bendu liwat saking
inggis teu masihan waktos
kanggo tobat ka mantena
Gusti hampura abdi
sumangga abdi pasrah badan sakujur
tumarima kana kadar pinuh ku dosa
anging Gusti anu uninga kaayaan abdi saleresna
hate abdi balilihan seja pangampura ti salira.
Gusti kedah kasaha abdi ngadu

bilih anjeuna cangcaya
kana rasa katresna abdi ,
abdi jujur mika cinta anjeuna
wakca langeng salamina.
Gusti kedah kumaha nyaurkeunnana ka anjeuna nu ku abdi di pika cinta
inggis anjeuna sulaya
tebih ti rasa percaya
dumeh abdi ageung dosa...
duh Gusti tulungan abdi
lamun kuring bade wakca...
inggis anjeuna sulaya
bendu ka diri nu dosa, ...
Gusti kumaha abdi nyarita
mungguh ukur kahayang
hayalan kamana-mana
ari karep tara salah,
ngan kanyataan jauh tina lamunan.
raga ukur katempuhan
napsu nu mawa lengkah,
nincak kana jalan salah
duh Gusti hampura abdi
mungguh kadar diri
nasib anu mawa jaman
saha anu baha kana takdir
tos jadi guratan illahi
duh junjunan manga nyanggakeun
diri tos lamokot ku dosa
salira tos kauninga
sadaya-daya abdi tumarima
mungguh jalmi gudangna kasalahan teu weuleh seueur ku dosa
tapi Gusti langkung uninga
jalmi tara salamina salah

mungguh allah lautan hampura
junjunan rumaos abdi lepat
tapi abdi bade janji
kasalira nu dipikacinta
abdi moal baha bade tuhu tur jujur
rasa kaheman nu nyangkaruk
kumalendang dina lamunan
endah kasawang dina implengan
hirup rukun ngajadi hiji
duh junjunan kalbu,
bebende mepende hate, beubeureuh anu geusmaneh,
Duh ,,….. Junjungan mungguhing ngadangu anu ku abdi di pikahareup mungguhin aya jalan kangge pateupang sareung anjeuna ,, ieu hate tos teu kiat hoyong pa amprok sareng dirina paneuteup sareng emutna…!!







1 komentar: